Carita Oerang Soenda
Pilkadal
Pemilihan kadal? Pemilihan para kadal? Ah duka teh teuing. Ngan cenah tanggal 13 April 2008 aya pemilihan kadal, eh..gubernur Jawa Barat. Cek beja, pilkadal teh hartina pemilihan kepala daerah langsung. Enya langsung dicolok kitu meureun. Pan baheula mah tara make kudu ripuh kudu milih gubernur sagala. Nyaho-nyaho geus aya we. Cek kuring, pilkadal teh angger we pemilihan kadal!
Ti saprak aya otonomi daerah, jadi loba pisan acara. Bupati, kudu dipilih langsung. Gubernur, presiden, nyakitu keneh. Baheula mah pan nu dipilih langsung teh mun milih RT, RW, jeung milih kuwu wungkul. Ari ayeuna jadi nambahan pagawean teh. Teu sirikna unggal pamingpin kudu dipilih langsung, kudu dicoblos.
Leuwih demokratis. Kitu pamanggih sawatara pihak. Enya kitu? Tah lebah dinya oge kuring teu nyaho. Ngan nu jelas mah, nambahan biaya! Pan ari pemilihan teh kudu make duit: nyiapkeun sarana prasarana, sistem, sarta sarupaning bubuk leutik anu daek teu daek kudu diayakeun. Keretas jang nyoblos, kotak jang tempat hasil nyoblos, buruh nu digarawe, biaya nyitak, jeung rea-rea deui.
Eta teh nu kacipta wungkul ku kuring. Dina kanyataanana pasti leuwih loba deui hal-hal anu perlu biaya. Tah, ari duitna ti mana? Tangtu wae duit ti ra’yat. Jadi duit urang sarerea. Keun we, pan sagala nu dilakukeun ku para pamingpin oge jang kapentingan ra’yat. Kitu dongengna mah. Kitu idealna.
Tapiii.. kadang-kadang cita-cita teh sok geseh jeung kanyataan. Dina emprona, loba pisan hal-hal anu nyalenggor tina kamistian. Duit atawa anggaran anu kuduna dipake A, kalah dipake B. Acan lamun si duitna teh dikurud, diteangan paleuleuwihna. Mun teu kitu, biayana digedean tinu sakuduna. Mun anggaran keretas upamana cukup ku duit 20 juta, der ditulisna 50 juta. Ka mana anu 30 juta? Leungit!
Lian ti nambahan celah jang korupsi, mindengna ‘pesta demokrasi’ oge cek kuring mah nambahan momot anu kudu ditanggung ku nagara. Mun baheula nu ngaranna pamilihan cukup ku lima taun sakali, ayeuna mah jadi leuwih kerep. Anu scope-na nasional wae pan dua kali: pemilihan legislatif jeung pemilihan presiden. Acan anu ruang lingkupna daerah. Mangga etang, pisabarahaeun teuing biayana.
Cek kuring ieu mah, tibatan duit dipake ngayakeun pemilihan nu hasilna kitu-kitu keneh, mending oge dipake meuli beas jang warga nu kalaparan. Teu kudu reueus mun Indonesia disebut-sebut minangka nagara demokratis, ari nu maot alatan kalaparan di ditu di dieu, nu nganggur balatak, nu miskin ngaleuya, nu korupsi mahabu. Na teu era, ari hayang disebut nagara demokratis, adil ma’mur, bari jeung loba keneh jalma nu kalaparan?
Gubernur, cek kuring mah asa can perlu dipilih langsung. Naon sababna? Fungsi gubernur mah leuwih nyoko kana soal koordinasi sakaligus ‘kepanjangan tangan’ pemerintah pusat. Masing gubernur gogorowokan ka unggal bupati di wilayahna sangkan biaya sakola gratis upamana, tetep we kaputusan mah aya dina leungeun bupati. Pan otonomi daerah tea. Gubernur moal bisa maksa bupati, sabab euweuh dasar hukumna.
Jadi? Rek dipilih langsung atawa ditunjuk, fungsi gubernur mah kitu-kitu keneh. Nu matak, cek kuring mah pemilihan gubernur langsung teh ngan ukur ngamonyah-monyah biaya, nambah-nambah kariweuh, jeung nyieun lolongkrang pikeun nu boga niat korupsi. Enya, pan loba proyek dadakan.
Kumaha atuh tanggal 13, rek nyoblos moal? Eta mah teu langkung. Bade nyoblos mangga, moal bae teu sawios-wios. Ngan kuring mah moal. Naha? Ah teu parurun we. Ongkoh pan milih mah hak, lain kawajiban. Mending keneh nganggeuskeun terjemahan nu geus lila kaboler gara-gara asam urat
Ucing
Cek dongeng, cenah nu satia maturan Nini Anteh di bulan teh ucing. Najan kacipta nyatuna kumaha nya, pan can pernah kacaritakeun di bulan aya beurit. Naha Nini Anteh henteu dibaturan ku sato nu lian, bayawak upamana? Duka tah lebah dinyana mah. Ngan jigana, si nini teh rada ngeper ari dibaturan ku bayawak mah. Komo mun bayawak darat. Tapi, ah duka ketang. Mun hayang yakin mah, nya kudu ditanyakeun langsung ka Nini Anteh.
Najan rada pamalesan alias ngedul, ucing loba nu mikaresep. Malah cek sakaol, ucing teh cenah sato kameumeut Kangjeng Nabi. Nu jelas, ucing aya di mana-mana. Komo di lembur mah, asana ampir unggal imah pasti aya ucingan. Jeung teu hese deuih ngurus ucing kampung mah. Parabna cukup ku susa-sesa deungeun sangu, galeykeun kana sangu, pasti dihakan. Teu kudu ngahajakeun ucul duit jang meuli parab husus jiga jang ucing menak.
Lamun ucing kampung ogoan jiga ucing menak, beu, cilaka. Duit teh meureun beak we jang parab ucing. Ari jang parab nu bogana rek ti mana? Mun kitu ucingna usaha, boga pacabakan, heg nyumbang ka nu boga ucing. Ieu mah pan boro-boro, da puguh ngaranna ge ucing, lain Tata.
Ti jaman keur budak keneh, di rorompok sok aya bae ucing. Mimitina mah pun lanceuk, ngerewih bae ka pun bapa, hayang boga ucing. Kabeneran Pa Momo, rerencangan pun bapa, loba pisan ucingna. Matak basa pun bapa ngurihit rek ngagentosan, teu hararese ieuh. “Mangga bae bade hiji bade dua oge, teu kedah ngagentosan,” saur Pa Momo.
Ki lanceuk mah keukeuh hayang dua, ngan teu digugu ku pun bapa. Hiji oge can puguh kaurus. Ngahaja milih ucing danten, ngarah engkena baranahan. Buluna hiris, jadi digeroanan oge cukup si Hiris bae. Parabna teu hararese, sagala dihakan. Cucuk asin, cucuk lauk, tulang susa sesa, malah ka kurupuk-kurupuk oge dihakan.
Aya nu ngabejaan, cenah ngarah ucingna teu poho balik ka imah, poe mimiti awak ucing kudu dibaluran ku minyak keletik. Duka palakiahna nu metu, duka kabeneran, si Hiris teu kungsi nyasab. Pernah ketang, leungit sapoe, jigana katalimbeng di terminal. Tapi, kabeneran kapanggih ku ki lanceuk. Nya terus we dibawa balik. Ti harita teu kungsi nyasab deui.
Kabeneran di imah teh sarerea resep ka ucing, iwal ti pun biang. Sok rada dedegler anjeunna mah. Mun si Hiris kapanggih nyolong lauk, tara antaparah deui sok dijebred ku sapu nyere. Tapi si Hiris geus betaheun, jadi tara pundungan. Dijebred ge angger we usum nyatu mah balik ka imah, nagih jatah ransum.
Si Hiris anak baranahan. Duka sabaraha generasi. Ngan kadieunakeun, turunanana teu aranakan. Komo nu terahir mah, da puguh jalu, tangtu bae moal anakan. Si Jalu, kitu dingaranan ku kuring. Awakna dedeg, sembada. Bangenan kana newak beurit, malah sok pirajeunan ngala manuk sagala. Eta tuda sok naek kana tangkal cengkeh di pipir nu loba manukan.
Ngan ku matak ngenes ari si Jalu. Paehna katabrak mobil di jalan hareupeun imah pisan. Kuring ceurik, da puguh ucing kameumeut. Ngan dalah dikumaha, nu geus paeh mah moal bisa hirup deui. Ti harita, pleng we rada lila teu boga ucing.
Tapi duka ku naon, najan teu boga ucing, sok aya wae ucing nu ngulampreng. Mun kabeneran aya dahareun, sok pirajeunan diparab. Duka teuing ucing saha, ah pokona mah ucing we. Puguh ucing teh aratoheun (meureun), ma’lum mun ka warteg mah beak sabaraha pan? Komo mun hayang ka restoran siap saji, duit ti mana ari ucing?
Kungsi aya anak ucing, teuing nyasab, teuing dipiceun ku indung bapana nu teu tanggung jawab. Buluna bodas, beresih. Pokona mah teu eleh ku ucing menak lah. Ngan karunya, awakna kuru kabina-bina. Tah si eta mah, sakali diparab teh, teu incah deui, terus we kukulintingan di pipir. Nya tungtungna mah betaheun, da puguh diparab unggal poe, dua kali sapoe malah, isuk sore. Ari diurus mah mimiti katempo mencrangna. Buluna luis, awakna morontod. Mangkaning buluna warna bodas, malah aya hideung jeung koneng saeutik dina hulu jeung dina tonggongna. Cenah ucing bulu tilu (warna) teh disebutna candramawat.
Nu matak heran, pun biang nu tadina galak pisan ka ucing teh ka nu ieu mah kacida nyaaheunana. Malah anjeunna nu masihan ngaranna oge: si Olat. Boro-boro sok dijebred, si Olat mah mindeng dilahun, diusapan, pokona mah dipikanyaah. Ongkoh ucingna deuih pikaresepeun jeung pikanyaaheun. Tara daek cocorokot, najan aya lauk dihareupeunana oge. Mun diasongkeun kakara dihakan.
Kadang-kadang sok dititah nungguan, bisi aya ucing batur nu rek cocorokot. Jeung enyana, jiga nu ngarti kana basa jelema, mun aya ucing sejen nu wani-wani ngadeukeutan, pasti dikaprot ku si Olat. Pun biang beuki nyaaheun bae ka si Olat. Heesna ge tara sina di luar, tapi di jero imah, dipangnyieunkeun kasur leutik. Nu lucu mah mun tengah peuting hayang kiih, si Olat sok riweuh disada ka unggal panto kamar, menta dipangmukakeun panto, rek ka luar. Geus kitu teh kudu ditungguan deuih, sabab rek hees deui di jero imah. Jadi najan ucing timu, si Olat mah apik, tara pararadu ngompol di mana bae.
Ngan aya hiji kahengkeran si Olat mah: Sieun ku guludug! Jadi mun geus ngadenge sora hujan ninggang kenteng, manehna mah sok geus paciweuh nyumput ka kolong meja atawa kolong tempat tidur. Ngahephep we eta teh, geus tara beunang digera-gero. Komo mun guludug pating jeleger, jigana teh ngayekyek we di kolong. Duka ku naon tah, nepi jiga nu trauma kitu
Hanjakal si Olat mah unggal boga anak teu jadian bae. Sok paraeh keur orok keneh. Nu matak euweuh turunan si Olat di imah. Padahal hayang pisan aya turunanana, sugan we iceus tur ngarti jiga indungna.
Basa si Olat gering nepi ka hanteuna, pun biang rambisak. Ucing kameumeut anjeunna paeh, ditungkulan ku sarerea, di jero imah. Sarerea ngaheruk, sedih ditinggalkeun ku ucing nu kacida dipikanyaahna.
Ayeuna aya gagantina si Olat, sarua ieu oge ucing datang sorangan. Jigana ieu oge ucing nu dipiceun ku indung bapana nu teu tanggung jawab. Buluna bodas jiga si Olat, tapi dina huluna aya ponian, warna hideung. Matak ngaranna oge De Poni.
Prosa Liris: Bulan jeung Béntang
Eulis, naha leres nyawang béntang tingkariceup dina kelemengna peuting téh hiji kaéndahan? Engkang cangcaya, margi aya nu langkung éndah tibatan tingkariceupna béntang. Naha leres gamulengna bulan lir ibarat putri ti kahiangan? Engkang keukeuh teu percanten.
Basa salira nyeleksek sangkan Engkang wakca naon saleresna nu langkung éndah tibatan tingkariceupna béntang sareng gamulengna bulan, Engkang ngahuleng sajongjongan. Ampun paralun, sanés Engkang lunca linci, luar léor siga oray, milarian heula waleranana, margi sadayana tos kacangkem dina lelembutan. Teu kedah incah meuntas sagara, teu kedah ngajugjug tutugan gunung, sadayana tos nyangkaruk jeroeun dada.
Akang mung inggis ku bisi, rempan ku sugan, bok bilih Enung malik teu suka, ngéwa tur cua ku waleran Engkang. Engkang teu sanggem kedah lumampah nyorang poékna peuting alatan nu geulis bendu. Bulan tangtos samagaha ningal salira teu suka, béntang nyarumput tukangeun méga, ngiring sungkawa ningal nu geulis nalangsa, pamundut teu katedunan.
Ibarat dulag lebaran, haté Engkang ratug tutunggulan. Nu geulis manco payuneun, ngantos-ngantos bari neuteup anteb, pinuh ku kapanasaran. Engkang sabil, mandeg mayong. Paneuteup salira éstu wisaya sangkan Engkang teu walakaya, teu wasa mungpang panglahir salira. Engkang mereketkeun karep, sadaya-daya, mending leumpang sakaparan-paran nyorang poékna peuting, mending meuntasan sagara seuneu nu ngabela-bela, tibatan ningal salira ngeclakkeun cisoca, teu kacumponan pamundut.
Saestuna, Eulis, pupujan ati, nya salira pisan béntang sareng bulan na haté Engkang. Katawis salira ngaranjug, ngaheneng, teu lémék teu nyarék. Bumi alam ngadadak simpé. Engkang teu wasa neuteup soca salira nu ngagenclang lir talaga sawarga. Dunya ngarandeg. Halimun na tungtung bulan siga nu horéam incah.
Namung dalah dikumaha, ucap parantos kedal, hamo tiasa dicentok deui. Sadaya-daya, badé dibeureum badé dihideung, nyanggakeun beuheung teukteukeun. Lalaunan Engkang tanggah, neuteup raray salira. Enung, bulan sareng béntang téh geuning aya di dinya. Dina imut salira, dina teuteup salira. Ti harita Engkang kedal jangji, salira baris janten bulan sareng béntang salalawasna. Na haté Engkang.
NGARAH CALAWAK
Asa kakara ngajaran nganjang ka parawan tanpa aya halanganana. Asa tara-tara, ngadak-ngadak, sabab saacanna mah kadang-kadang rada gagabah. Maksadna, tara tatanya saacanna naha sang parawan kacangcang manah ka jajaka gandang atawa tacan. Pan salah-salah, matak mamala tah!
Sang parawan ngaranna Anah, anak Mang Karta panyawah Babah Can. Najan sakadar anak panyawah, Anah gandang taya papadana. Awakna rada panjang, rarayna matak nahnay jajaka mata karanjang. Balatak jajaka nyaah ka Anah, hayang nganjang, hayang nyangcang. Hanjakal Anah narah, sabab hayangna ngan ka kang Jaja, jajaka bala dadana, malah bala saawak-awak, ngan hanjakal na mastakana mah rada carang.
Anah nyaah ka Kang Jaja, Kang Jaja nyaah ka Anah. Pas. Matakna, saban Ahad Kang Jaja nganjang ka Anah. Basana ngarah tambah nyaah. Padahal nyatana mah hayang nyabak … tangkal kalapa na pakarangan Mang Karta. Naha? Sabab na tangkal kalapana aya Anah
Basa Kang Jaja nganjang tanggal salapan Sawal, Anah kasampak rada balangah, kawas aya masalah na manahna. Panasaran, Kang Jaja nanya, “Naha kawas aya masalah, Nah? Katarana balangah..”
“Ah, taya masalah Kang..” Anah narah.
“Wah, Akang mah cangcaya.. Balaka lah ka Akang mah, ngarah janglar kana manah,” Kang Jaja maksa.
“Abah Kang..” Anah kapaksa balaka.
“Abah? Naha Abah?”
“Abah maksa Anah sangkan nampa panglamar Jang Amat anak bandar kalapa, balatak hartana. Padahal anak Jang Amat aya kana dalapanna, katambah-tambah raray Jang Amat mah kawas panakawan. Jaba balatak randa anyar gara-gara Jang Amat kawas jalma sawan, saban parawan hayang kaasaan. Anah narah, ngan Abah kalahka amarah. Anah kapaksa nampa panglamarna…”
Kang Jaja rarayna rada asak, nahan amarah. Hanjakal ngadadak taya tangan pangawasa, sabab Kang Jaja aya panyawat asma. Hayangna ngawakwak, ngan awakna ngadadak nahnay. Kalahka nyangsaya na tangkal kalapa.
Anah calangap, ngarasa salah.
Kang Jaja katarajang asma. Kahayangna napas, malah calawak. Manahna mah ngagantawang, nyasalah ka Abah, ka Jang Amat, ka Anah. Taya bayana, tamaha kasawat asma, katambah jalma sangsara. Kapaksa pasrah. Dadah Anaaahhh…!
Cag ah.
Paribasa Sunda
Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana.
Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya ’seniman’ Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir. Deukeut-deukeut kana masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek dina lingkungan anu kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku arang aya nu meuli. Padahal urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah. Aneh pan?
Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok komo deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari nulungan anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari jelema nu ngabudi ucing?
Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun nya
Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari. Najan kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain seniman, lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa jeung budaya Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa Sunda, nyanggakeun tah ebook 700 paribasa Sunda. Nu nulisna lain kuring, tapi yasana Bapa R. Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu acan gaduh.